26/10/09

murid pasea!!

disakola aya dua murid anu parasea silih koet jeung silih tonjok hese dipisahna, bubuhan duanana anak jeger cenah! si Sadut salah sahiji budak anu parasea teh ngancam!" awas siah di bejakeun kabapa uing!" bari ngacungkeun peureupna.
si Emod oge musuhna teu eleh geleng!"ah ku uing ge bakal dibejakeun siah kabapa uing!! cenah bari ngagidig balik kaimahna!
teu kungsi lila cing kurunyung kolot eta dua budak teh!! bener wae!!mang Japbnol bapana si sadut, nya hideung jaba botak deuih. kitu oge kang Dodo bapana si Emod sanajan begang kumisna teu beda ti rancatan tukangn peuyeum.
geus adu hareupan duanana silih pelong, silih polototan.
"ieu naon?!" ceuk mang Japnol bari nagcung keun bedog anu seukeut!!
"bedog!! ari ieu naon?!!" ceuk kang Dodo bari nembongkeun Peso Balati meni herang.
"peso!!!" jawab mang japnol
"tuker tambah yu!!"
"hayu!!"

Pak Oting

hiji waktu Pak Oting ngaras bingung nyanghareupan si Otoy salah sahiji muridna, kusabab nilai raportna beureum kabeh!!
rek diataekeun maenya!!
ari rek sina ngendok dikelas tilu wae maenya! da si Otoy teh geus mindeng teuing teu naek! malahan mah babaturanana geus asup ka SMP.
sababarah kali di remidial!! keukeuh nilai si Otoy euweuh ronjatna!!
nya akhirna pak Oting mere pertanyaan anu gampang, sakirana bisa dijawab ku si Otoy!
"Cing Otoy Jawab!! saha anu ngibarkeun kelebet sang saka merah putih nalika tujuh belas Agustus taun opat puluh lima??? jawab toy!! lamun bisa ngajawab maneh kubapak rek ditaekeun ka kelas opat!!
si Otoy kalahka ngahuleung!!" Sanes abdi Pak!! jawabna!
"heueuh lain maneh!! tapi saha atuh!!"
si Otoy Kalahka luwa-lewe. " Sumapah pak daek getek!! sanes abdi..

19/10/09

Kepala SDN Tanjungwangi
Bpk. Apud Saprudin,S.Pd.